RESENSI NOVEL TANJEUR NA JURITAN JAYA DI BUAN
          
               
                        Wasta : Nailah Muharomah
                           Kelas : XI Mipa 2

1. Identitas Novel
Jejer Buku : Tanjeur na juritan jaya di buana
Pangarang : Yoseph Iskandar
Pamedal : Pusat studi sunda
Taun medal : Citakan kahiji, 1991
Citakan kadua, Juni 2010
Citakan katilu, Oktober 2010
Citakan kaopat, Oktober 2011
kandel buku : 164
DISTRIBUTOR:
PT Kiblat Buku Utama
Jl. Gumuruh No. 38, Bandung 40275
Télp./Faks. 022-7330595
Surat-é: penerbitkiblat@yahoo.co.id

2. Identifikasi Novel
Tema : Pamingpin nu miboga sikep tanggung jawab kana pancénna, sarta tara sagawayah dina milampah tiap hal. Sarta miboga sikep toléransi kana ageman sején.

Judul : Tanjeur Na Juritan Jaya Di Buana

Tokoh :
-Prabu Wangisutah (Raja Sunda)
-Prabu Bunisora Adipati (alo na Prabu Wangisutah)
-Mahapatih Majapahit
-Raja Majapahit
-Sang Haliwungan & Sang Ningrat Kencana (anakna Prabu Wangisutah)
-Rampog (dielehkeun ku Prabu Wangisutah basa keur indit ka puseur dayeuh Majapahit)
-Rakean Hujung & Ranisi (anak pandita) 

Latar tempat :
-Gunung dieng
-Suku gunung agung
-Hulu lipamali
-Puseur dayeuh majapahit
-Puseur dayeuh nagri sunda
-Geger omas
-Wilayah kakuasaan karajaan sunda jeung karajaan majapahit

Latar suasana :
-sedih
-bungah

Latar Waktu :
-Isuk isuk (Mipir di panonpoe, ngaliwatan caangna cahya)
-Peuting (Peutingna, Prabu Wangisutah ngangkir kulawarga)
-Beurang (Tan wales antara beurang jeung peuting)

Alur : Marélé atawa maju
Lantaran paréléan kajadianna tuluy maju sacara temporal, henteu nyaritakeun kajadian anu saméméhna atawa nyawang ka tukang sarta henteu bulak-balik

Puseur sawangan : jalma katilu (sabab pangarangna aya diluar)


3. Sinopsis
Sinopsis bab 18 :
Dina bab ieu Nyi Ranisi kudu manggihan kanyataan bahwa anu tarung jeung manéhna soré kamari tèh lain adi dia ngalainan Mahaprabu Niskala Wastu Kancana,papayung Nagri Sunda. Rakéan Hujung ngupah-ngapéh pamajikanana nu gégéréntélan lolongséran.Nyi Ranisi kacida sedihna.

Sinopsis bab 19 :
Nyaritakeun tentang sesepuh Wangisutah anu namina Ki Olot mulang,nah aya informasi ka raja,si raja datang bari mawa 2 anakna nyaéta Sang Haliwungan jeung Sang Ningrat Kancana, pamajikan Prabu Wangisutah téh ngarana Praméswari Déwi Sarti, Prabu Wangisutah nitah anak-anakna jang diculik niatna rek di sakolakeun/di didik matak jadi satria ngan teu ribut-ribut ka pamajikannana sangkan saolah-olah di paok.
Prabu Wangisutah menang informasi ti Sénapatiyuda yén Kerajaan Majapahit rek nyerang jadi Prabu ngamusyawarahkeun nu ka hiji,nerangkeun kudu deui aya gaganti Ki Olot,kadua,nerangkeun bahwa anak-anak anu diculik téh lain diculik tapi rék di sakolakeun ka Jampang,jauh ti kolot pikeun di didik, katiluna, ngamusyawarahkeun rék datangna panyerangan ti Majapahit.

Sinopsis bab 20 :
Ku lantaran aya rencana panyerangan ti Majapahit, Prabu Wangisutah téh ngimpi hayang tentrem tur hayang ngamankeun rakyatna ku nepungan Ki Maharesi di Galunggung. Prabu Wangisutah indit rék nginjem pakaran supaya nagarana aman tentrem. Datang kadinya manéh na nyamar jadi Maharesi,datang kadinya nanyakeun pusaka,geus beunang,di buka lah pusaka éta ku Prabu Wangisutah,dijéro na aya tulisan anu intina lamun hayang nagarana tentrem tur aman kudu ngajaga Galunggung.
Prabu Wangisutah téh neurangkeun bawa Majapahit téh bakal nyerang,Prabu Wangisutah maréntahkeun katilu lalaki nu saurang aki-aki,nu saurang tengah tuwuh,nu saurang deui kasebut rada ngora tah ngarah nepungan kokolot di kawalian,di daerah Kawali téh dititah nyieun susukan nah éta contoh tina carita nagri Galunggung sabab si nagri éta téh di kulilinganku susukan,jadi Wangisutah téh nyiapkeun jaga-jaga bisi di serang ku Majapahit nyaéta nyieun parit-parit di daerah Kawali.

Sinopsis bab 21 :
Nyaritakeun tilu lalaki anu di paréntahkeun ku Prabu Wangisutah jeung nepungan kokolot dikawalian. Tapi katilu lalaki éta henteu nyampéken isi surat anu dititipkeun ku Prabu Wangisutah ejeung kokolot dikawalian. Tapi karna katilu lalaki éta téh siuen ku kokolot kawalian akhirna tilu lalaki éta jujur tentang naon anu di parèntahkeun ku Prabu Wangisutah.

Sinopsis bab 22 :
Dina bab ieu nyimpulkeun bahwasana Prabu Wangisutah ngaheuyeuk dayeuh ngolah Nagri Sunda,lawasna 103 taun, 6 bulan, 15 poé. Umurna nu panjang, tepikeun ka bisa ngabandungan perlayana Prabu Hayam Wuruk, ngadéngé béja Nagri Majapait perang parégrég, parebut tahta tepi ka tumpurna. Ogé Prabu Wangisutah nyaluyuan balabuhna Armada Cina di basisir Pura Dalem Karawang, nu dipingpin ku Laksamana Haji Ma Cheng Ho, jeung hiji Ulama Islam, Hasanuddin, nu ngadegkeun Pasantrén Islam munggaran di Tatar Sunda, nu kawentar ku sesebutan Pondok Quro.
Kaadilan jeung kawijaksanaanana nu ngalantarankeun Nagri Sunda tanjeur na juritan jaya di buana. Tong boroning manusa, dalah cai, cahya, angin, jomantara, éter, ngarasa betah dina panangtayungan Prabu Wangisutah nu ogé meunang jujuluk Praburesi Buanatunggaldéwata.